Pamungkas Carita
Eurenan sumpay-sampay kakangen
mulat-meulit ramat kaasih
dina masing-masing ati
Bongan
Rusiah geus silih témbong
ngendagkeun kajempling
nu ngahaja disalindung imeut
ku salira salila ieu
Rusiah anu geuning murubutkeun
Sagala kacindék ati
Rusiah anu geuning mangpengkeun
Loba lamunan
anu kapungkur digeugeut paheut
Sugan téh rék lana ieu lalakon
nepi bareng mipir pikir
mapay gawir panungtung ahir
Tapi keundae, méméh eurih leuwih peurih
méméh remen ngétang kabimbang
mending peundeut ieu kamalir
urang pungkas ieu cumarita
da enya, mending dipungkas
Kami pamit rék néang simpé,
lebah karaheut
Kami moal pakumaha
Da geus baal kapeurih
Jeung kami mah kapan pohoan
Alatan nu ngagukguk mah kami
Sedeng salira moal bakal segruk-segruk acan.
(2013)
Tilu Welas Padalisan Kasono
Sonten nu kumaha deui
Méh kami teu beakeun gupay
Nu héman lumampay saparat palay
Girimis satiris kumaha deui
Sangkan kami getol susulumput
Kana simbut anu imut
Tapi aéh, kumaha-kumaha ogé
Da anjeun moal rek pakumaha
Paling ogé nganaha-naha
Gumalideur teu paham
Yeuh, ulah réa ku pananya deui
baturan ieu kuring
Ngeunteung anteng dina sono.
(2013)
Sajak Kasimpé
Aya anu can kedal
sawatara gunem nu gumuruh
sajeroning simpé
Gunem ieu baris pasalia
dina tepas dada
Récét ucrat-acrét
karasa beuki cérét
Mung anggeur
Baris teu waya luber
Emh, deudeuh
Langit keur leungiteun
Girimis beuki gumeulis
Mupuas simpé nu beuki jempé.
Kapan geugeut
Kedah digugah lain?
Tapi kuring can wasa.
Atawa ulah ku nu kawasa?
(2013)
(Pikiran Rakyat, 15 Desember 2013)
eta gunem nu gumuruh,
BalasHapuskeur silih antelkeun gerentes,
horeng...
aya nu ngan saukur bisa betus kena jempling.
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapusKang AG dihaturanan linggih kadieu, sawang-langit.blogspot.com
BalasHapus